Sabtu, 21 Januari 2017

CONTO CARPON

Saukur Ngimpi
Salman Zaki Al-Ghifari


Hiji poé, balik sakola, aya lima sobat nu keur ngumpul di imah Jalu. Ieu lima sobat téh deukeut pisan, geus sasakola ti SD kénéh. Ayuena maranéhna sakola di SMA nu sarua ogé. Di bumi Jalu maranéhna keur ngobrolkeun obrolan biasa. Nepikeun ka Dika nyinggung ngeunaan imah kosong nu aya di tungtung Jalan Kenanga.
Ngadéngé kata-kata éta, sadayana jadi pada sumanget ngobrolna.maranéhna sakali éwang nyaritakeun nu dipikanyaho ngeunaan éta imah. Puguh wé maranéhna téh jadi hayang apal leuwih jero ngeunaan éta imah. Tungtungna, ieu lima sobat téh mutuskeun rék maluruh éta imah, keur ngabuktikeun omongan batur yén éta imah téh keueung. Saenggeus kabéh satuju, maranéhna balik heula ka imah masing-masing keur siap-siap, tuluy kempel deui di imah Jalu tabuh dalapan.
            Jalu, salah sahiji ti lima sobat nu pang sumangetna maluruh ieu imah téh geus teu sabar. Manéhna mérésan naon waé pakakas anu dibutuhkeun bari ngabayangkeun naon waé anu bakal kajadian engké. “Nu pasti engké bakal ramé pisan wé,” pikir Jalu.
            Ahirna, waktu nu geus didago-dago téh datang ogé. Dika, Abi, Irfan, jeung Agi tos kempel di imah Jalu. Saatos méré pangarahan jeung ngadu’a, maranéhna langsung indit ka imah nu aya di tungtung Jalan Kenanga. Maranéhna ngumpulkeun kawanian sanepina di hareupeun éta imah. Saenggeus yakin, ahirna maranéhna asup, tuluy mapayan hiji-hiji rohangan nu aya di ieu imah. Di jero ieu imah téh aya genep rohangan nu masing-masing rohanganna lega pisan.

            20.49, ROHANGAN KAHIJI.
            Rohangan ieu téh nyaéta rohangan tamu. Maranéhna mapay unggal juru di ieu rohangan. Kusabab di ieu imah geus euweuh listrik, puguh wé di jero imah téh poék teu kaciri nanaon. Maranéhna ngan bisa ngandalkeun sénter masing-masing. Di rohangan ieu, kabéh barang, kabéh tempat geus di cék hiji-hiji. Ngan, maranéhna teu manggihan nu anéh di ieu rohangan. Ahirna maranéhna mutuskeun kaluar ti ieu rohangan, tuluy asup ka rohangan nu séjén.

            21.03, ROHANGAN KADUA.
            Rohangan kulawarga. Rohangan ieu tempatna leuwih jero tibatan rohangan tamu. Di rohangan ieu, Agi mimiti ngarasakeun hawa-hawa nu teu ngareunah. Tapi Agi tuluy neruskeun, lantaran manéhna mikir yén ieu téh hal anu biasa atawa ngan rarasaan manéhna. Di rohangan ieu, lima sobat ieu téh mariksa deui unggal juru, unggal barang nu aya didinya. Jalu, Dika, Abi, jeung Irfan ngobrol, silih ngabéjaan naon anu dipendakan ku maranéhna. Tapi salila di rohangan éta, sora Agi téh teu kadéngé. Puguh wé Jalu, Dika, Abi, jeung Irfan téh bingung. Padahal nu sok loba ngomong téh Agi, tapi ieu kalahkah teu nyumbang sora saeutik-saeutik acan. Tuluy éta opatan téh nyobaan néang Agi, tapi teu kapanggih-panggih. Najan kitu, maranéhna mutuskeun keur angger neruskeun maluruh rohangan nu séjénna.

            21.37, ROHANGAN KATILU.
Ieu kamar kahiji nu diasupan ku Jalu, Dika, Abi, jeung Irfan. Di ieu rohangan, hawana téh karasa beuki tiis. Ayeuna maranéhna leumpang babarengan. Ngacék rohanganna ogé babarengan. Ngan Irfan, budak nu pang céngosna jeung pang kobéna dibandingkeun nu séjén téh kalahkah misahkeun diri. Manéhna ngacék sorangan di juru lain ieu rohangan. Jalu, Dika, jeung Abi eweuh nu sadar yén Irfan téh misah ti maranéhna kusabab di ieu rohangan téh poék pisan. Maranéhna karék sadar pas Abi nanya ka Irfan, ngan Irfan teu ngajawab-jawab. Pas di sorot ku sénter, bener wé yén Irfan téh geus eweuh di tukangeun Abi. Abi reuwas, tuluy mérébéja ka Jalu jeung Dika. Ngadéngé éta, Jalu jeung Dika ogé reuwas. Tapi maranéhna teu nunjukeun ka Abi, sabab maranéhna sieun Abi leuwih reuwas. Jalu mutuskeun keur angger neruskeun mariksa rohangan ieu, da manéhna yakin yén Irfan mah tiasa ngajaga diri sorangan. Karék gé nyobaan keur nenangkeun diri, maranéhna kalahkah dijieun leuwih reuwas lantaran Dika manggihan peso di hiji lomari nu aya di rohangan éta. Kudipanggihanna éta peso, maranéhna langsung buru-buru kaluar ti éta rohangan, tuluy asup ka rohangan nu séjén. “Sugan wé bisa manggihan Agi jeung Irfan,” pikir Jalu téh.

22.11, ROHANGAN KAOPAT.
Rohangan keur dahar. Di rohangan ieu kaayaanna beuki keeung. Hawana ogé beuki karasa tiis, leuwih tiis tibatan di rohangan saacanna, beuki poék ogé. Ditambih jantung nu karasa leuwih degdegan. Abi, hiji-hijina istri ngarasa geus teu kuat keur ngalanjutkeun ieu kagiatan. Manéhna diuk, embung deui kaleungitan babaturanna. Komo deui mun manéhna nu leungit mah. Ngan Jalu, salaku pamingpin di ieu kagiatan, nyoba nenangkeun Abi. Jalu ngayakinkeun Abi yén maranéhna bakal mendakan Agi jeung Irfan, tuluy bisa balik dina kaayaan selamat. Ninggal Jalu nu keur nyoba ngayakinkeun Abi, Dika gé ngilu nyoba nenangkeun jeung ngayakinkeun Abi supados Abi jadi yakin jeung tiasa tenang deui. Saenggeus dibéré sumanget ku Jalu jeung Dika, ahirna Abi gé mutuskeun keur neruskeun ieu kagiatan, neruskeun ngacék ieu imah, bari sakalian néangan Agi jeung Irfan. Kusabab maranéhna embung deui aya nu misahkeun diri, Dika ngusulkeun supados leungeun maranéhna ditalian ku hiji tali nu bakal ngajieun maranéhna babarengan tuluy. Jalu jeung Abi satuju kana usulan Dika. Saenggeus ditalian, maranéhna neruskeun ngacék deui unggal juru jeung unggal lomari. Di rohangan ieu, Dika ninggali aya pakakas nu ngagolér di luhureun méja. Disampeurkeun wé manéhannana éta méja téh. Ai pas ditinggali, pakakas éta téh mangrupikeun bedil. Puguh wé Dika, Jalu, jeung Abi téh reuwas. Sieun aya nanaon nu kajadian ka Agi jeung Irfan. Can bérés reuwas ku dipanggihanna éta péstol, Jalu jeung Dika direuwaskeun deui ku kabetotna tali ti arah Abi, dibarengan ku ngagorowokna Abi. Tali nu nyambung ka Abi dipegatkeun ku gunting. Ninggali éta, Jalu jeung Dika langsung lumpat nyoba ngudag Abi nu dibawa ku jelema nu teuing saha. Kusabab maranéhna lumpatna teu bareng, jadi wé duanana labuh. Maranéhna poho yén tali téh nali kénéh dina leungeun maranéhna. Ku kituna, sora Abi geus teu kadéngé deui. Jalu jeung Dika ngan bisa diuk bari ngahuleng. Maranéhna teu percanten yén maranéhna bakal kaleungitan deui hiji sobat. Maranéhna gé kaduhung teu bisa ngajaga Abi.
“Tapi mun cicing hungkul jiga kieu, urang moal bisa manggihan baturan urang,” pikir Jalu. “Dik, geus ah! Euweuh gawé mikiran hungkul tapi teu usaha mah,” saur Jalu bari langsung nangtung.
Dika némbalan bari ngiluan nangtung, “Heueuh, bener, Lu!”
“Geus wé, ayeuna mah hayu urang ngalanjutkeun deui néangan baturan arurang!” Jalu ngajakan Dika.
Kusabab sumanget geus asup deui ka maranéhna, ayeuna maranéhna ngalanjutkeun ka rohangan nu lain.

22.54, ROHANGAN KALIMA.
Dapur. Di rohangan ieu kaayaana geus rada caang. Lain ku lampu, tapi ku caang bulan. Najan kitu, hawana mah kalahkah beuki tiis jeung beuki keueung. Tapi, di rohangan ieu Jalu jeung Dika teu deui make tali. Maranéhna yakin yén maranéhanana tiasa ngajaga diri. Jiga biasa, di rohangan ieu ogé unggal juru jeung unggal barang téh dipariksa. Ngan, ayeuna mah Jalu hungkul nu mariksana kusabab Dika mutuskeun keur langsung mariksa rohangan hiji deui. Di rohangan ieu, Jalu dijieun beuki reuwas. Manéhna manggihan deui peso, ngan ayeuna mah dina éta peso téh aya getihna. Bari getihna gé anyar kénéh, can garing. Ninggali éta, pikiran Jalu jadi teu puguh. Beuki sieun aya nanaon ka babaturannana. Keur ngahuleng, Jalu ngadéngé Dika ngagorowok. Tapi ku Jalu diantepkeun. Pas kadua kalina ngagorowok, Jalu langsung nyampeurkeun Dika.

22.55, ROHANGAN KAGENEP.
Ninggali aya panto pas keur mariksa dapur, Dika téh langsung mutuskeun keur mariksa éta rohangan saenggeus ngomong heula ka Jalu. Rohanganna aya di juru, teu pati badag jiga rohangan nulainna. Poék mah geus puguh, ditambih aya bau nu kaambeu teu ngeunah nyieun Dika teu betah aya di ieu rohangan. Tapi, kusabab niatna geus panceg, Dika nyobaan teu madulikeun éta bau. Dika nyorot ku sénter sakuliling rohangan ieu. Ahirna Dika apal yén rohangan ieu téh gudang. Loba barang-barang nu aya didieu : Sofa nu geus soék-soék, méja jeung korsi nu geus réod, kasur nu geus bolong, jeung hiji deui nu nyieun Dika hayang gera mariksa éta barang. Lomari badag nu aya di juru rohangan ieu. Manéhna ngarasa anéh, naha éta lomari nu sakitu badagna, bari alus kénéh kalahkah di teundeun di gudang. Teu madulikeun barang-barang nu séjén, Dika langsung nyampeurkeun éta lomari. Tapi pas keur nyampeurkeun éta lomari, Dika ngagorowok. Beurit nu lumayan badag ngaliwat kana sukuna. Dika ngarasa éra ka diri sorangan tapi bari aambekan.
“Beurit téh teu ngarti kasopanan. Ngaliwat téh teu punten-punten acan.” Saatos éta, Dika balik deui ka niat mimitina keur mariksa lomari. Pas lomari dibuka, gubrag! Aya mayat jelema nu labuh ti jero lomari. Puguh wé Dika téh ngagorowok deui da reuwas.
“Aya naon, Dik?” Jalu langsung dating ngadéngé Dika ngagorowok kadua kalina.
“Ieu, Lu, aya mayit,” tembal Dika, bari neruskeun mariksa éta mayit.
Jalu nyampeurkeun. Pas ningali mayatna, Jalu téh apal yén éta téh mayat tukang ojég nu dikabarkeun geus leungit saminggu ieu.
“Pantes wé bau pisan,” pikir Dika. Pas Jalu jeung Dika rék kaluar ti gudang, panto téh geus ditutupan ku jelema nu mawa Abi. Puguh wé Jalu jeung Dika langsung lumpat tuluy maksa muka pantone. Tapi percuma, éta panto téh dikonci. Dika langusng néang pakakas nu bisa dipaké keur ngaruksakeun gagang pantona. Pas pisan, di éta rohangan téh aya palu. Dika langsung mawa éta palu, tuluy nakolkeun paluna ka gagang panto nepikeun ka pejetna. Jalu jeung Dika berhasil kaluar ti gudang, langsung lumpat deui ka dapur.
`Didinya, Jalu karék sadar yén didinya téh aya tapak getih jiga urut ngagusur jelema. Dika nu sarua ninggali éta tapak téh langsung lumpat nuturkeun éta tapak getih. Jalu nuturkeun di tukangna. Éta tapak téh ngarah ka panto nu nyambung langsung ka halaman tukang, Dika teu maké mikir heula langsung muka panto. Manéhna ngahuleng sa dibukana éta panto. Manéhna teu percaya naon anu aya di hareupeun panonna. Kabéh babaturanna, Agi, Irfan, jeung Abi kagantung di tangkal badag. Dina awakna loba pisan getih. Geus jiga nu dimandian ku getih waé. Jalu gé sarua jiga Dika sadugina di lawing panto. Dika geus teu bisa ngontrol diri deui. Manéhna langsung lumpat ka arah babaturanna. Tapi karék gé sababaraha léngkah, dorr! Manéhna langsung labuh. Aya nu némbak kana sukuna. Saenggeus labuh, éta jelema nu némbak Dika téh nyampeurkeun manéhannana. Ngacungkeun deui péstolna, ayeuna mah ka arah hulu Dika. Doorrr! Getih muncrat bareng jeung ditémbakkeuna éta péstol. Ninggali éta, Jalu beuki ngahuleng. Manéhna teu percaya kabéh babaturanna ayeuna geus maraot. Komo nu terahir, manéhna melong sorangan baturan nu pang deukeutna jeung manéhannana di paéhan ku jelema nu geus maéhan ogé babaturanna nu lain. Jalu melong ka méja nu aya di deukeut panto, aya péso. Dibawa ku manéhna éta péso, langsung lumpat ka jelema nu ayeuna keur nyiapkeun tali keur ngagantung Dika. Kusabab geus teu bisa mikir bener deui, Jalu poho yén éta jelema téh boga péstol. Puguh wé suku Jalu gé ditémbak. Jalu labuh ngagulitik. Rék nangtung tapi teu bisa. Jadi manéhna cicing na posisi deku. Kusabab rada rada lieur, Jalu teu sadar éta jelema nu geus maéhan babaturanna téh geus aya hareupeunna. Teu ngacungkeun péstol, tapi siap-siap rék ngayunkeun samurai keur nebas beuheung Jalu. Jalu geus teu bisa ngalawan, manéhna peureum ngan bisa pasrah kana naon anu bakal kajadian ka manéhna. Tapi, didagoan éta samurai teu karasa nebas beuheungna. Manéhna kalahkah ngarasa aya nu nepakan, ngoyagkeun awakna.
“Jalu, gugah! Jalu, gugah! Jadi teu maluruh imah kosong téh?”

***
Share:

0 komentar:

Posting Komentar